Minggu, 26 Agustus 2007

Kuring Saratus Perak

Ditulis ku: Fendy Sy.Citrawarga

Kuring teh Si Saratusperak duit nu kiwari geus kaleungitan pangaji- tapi aya keneh nu mikabutuh mah pangpangna jalma leutik.
Ketang sual pangaji atawa niley mah kumaha jelemana. Keur nu jegud, jirim kuring sorangan taya rega, tapi keur jalma leutik aya keneh na impianana. Da cenah ge nu saeutik teh mun dikumpul-kumpul mah jadi gede.
Keusik sasiki taya harti, tapi mun satreuk, bisa jadi gedong sigrong. Ngaku boga duit saratus rebu perak, teu kaasup jejeg lamun kurang ti saratus perak. Meureun cek ijiran teh saratus rebu kurang saratus perak atawa salapan puluh salapan rebu salapan ratus perak. Leuh, gara-gara kurang kuring nyebutna ge jadi ngemplad.
Ti barang kuring dicitak boh mangrupa duit keretas atawa kencring/logam teuing geus sabaraha ratus, boa rebu, dompet katut saku, laci nu ku kuring dianjrekan. Da geuningan kitu ku ngaranan duit mah teu meunang cicing kudu wae incah balilahan. Najan dikerem na cengcelengan, kudu wae sina ngencar deui.
Ti saurang jelema pindah ka warung, ti warung ka pasar, ti pasar ka toko, ka...ah teuing ka mendi.
Rineka lalampahan geus karandapan, boh nu katempo, kadenge, jeung karasa ku kuring salila ngalalakon ngigelan kahayang manusa jadi duit receh teh.
Bareto-bareto, kitu lah kira taun tujuhpuluhan, kuring dinangna-nengne da puguh aya keneh rega bisa dipake ongkos angkot bulak balik. Kiwari ukur mahi keur meuli peremen sasiki jeung kurupuk peot nu teu matak wareg. Geus moal bisa dipake ngupahan budak leweh sina repeh, nu baramaen jeung nu purah ngamen jebi diasongan kuring teh.
Nu matak teu aneh mun balad-balad kuring siga Si Duapuluhrebuperak, Silimapuluhrebuperak, angot Si Saratusrebuperak mah sok ngahina pisan ka kuring teh.
“Uing mah sok disimpen dina dompetna ge dibuni-buni!” ceuk Si Duapuluhrebuperak mani asa pangharegaanana we.
“Tara pirajeuneun gular-goler dicekel bebenjit!” cenah tuluyna. Manehna siga nu poho kana purwadaksina yen waruga katut sukmana teh wujud gumulungna jiwa-jiwa kuring. Apan sidik cek tadi ge euweuh kuring sorangan, manehna geus teu disebut duapuluh rebu deui. Angot mun kuring euweuh kabeh, moal aya manehna.
“Aing mah kaulinan kokod pangusaha, jalma jegud, artis, lar sup kana dompet merekis, bank, ATM!” ceuk Si Limapuluhrebuperak, mani asa pangkapakena.
“Iiiyy......amit-amit kudu dicabak baramaen, hanyir, angot jadi tunggul kuras, gengsi meeen!” tambahna deui mani asa aing uyah kidul, teu beda we jeung jelema adigung luhur kuta gede dunya boga pangkat, boga kakawasaan, asana teh meunang sorangan. Padahal aya jujuluk pamingpin, pajabat, raja, presiden, anggota dewan, jeung kalungguhan-kalungguhan lianna teh apanan dumeh aya rahayat. Di mana teuing aya presiden mingpin presiden deui.
Enya ari kana kitu tea mah duit lima puluh rebu perak teh ukur kacabak kunu jaregud, ku kaom gajihan, ku para artis nu memang beuki pisan kana artos, cek saliwat mah gede komara, gengsi dialak paul, tapi manehna mah arang asup kana kencleng amal jariyah teu siga bangsa uing. Mun ka kencleng amal jariyah siga keur ngadu, mabok, maranehna mah geus jadi jalan ka cai.
“Saratus perak kana kencleng masjid bisa keneh asup. Pek jelema ngadu, masang togel, mabok, ngaganja, rucah ka awewe, nandonkeun duit pangaji uing bisa moal?” cekeng ka Silimapuluhrebuperak.
“Teu eraeun-eraeun we ngasupan kencleng amal jariyah saratus perak!” pokna teh ngalalaworakeun nu melak kahadean.
“Dasar maneh mah gaul jeung jelema lieur wungkul teu wawuh kanaagama. Yeuh saur Ajengan oge, amal mah lain ku dungkuk lahiriahna, tapi ku kaihlasanana. Najan amal saratus perak tapi ihlas jaga bakal kasampeur. Najan mangjuta-juta, triliun, diasupkeun kana kencleng amal jariyah tapi teu ihlas, hayang kapuji ku jelema, bisa mubadir mungguhing Gusti mah!”
“Wah gedebul, eta mah ngupahan maneh!” kalah ka nambalang dipepelingan kitu teh, “Dasar geus kausap korod! cek hate.
“Jempe maraneh kabeh nonsen! Dewek nu ngaraja ayeuna mah!” Si Saratusrebu nyelengkeung, laju nulak cangkeng, “Aing nu penghebat-hebatna mah, dewek nu pangdipikamelangna ku konglomerat, para birokrat, diplomat, lain ku tukang kupat atawa tukang dagang tomat. Dewek anu luhur pamor sabab kalandep pisan ku para koruptor, aktor, mendor, doktor, lain tukang bajidor atawa tukang batagor. Nu matak dewek mah bakal nanjung, moal buru-buru ditundung baris sina terus padungdung manggung pada ngitung!” pokna gede hate.
Ngadenge kitu mah enyaan kuring kasigeung, tapi dasarna lain ceuceub atawa sirik pidik pedah kiwari kuring pada nyeceleh ku dulur-dulur nu boga rasa pangkapakena atawa disapirakeun ku jelema dumeh kuring geus kailangan rega.
“Yeuh Duapuluhrebu, Limapuluhrebu, jeung Saratusrebu!” cekeng ngawani-wani ngomong rada harus tur heuras, “Ari bodo teh ulah katotoloyoh, tapi kudu alewoh. Sing saladar, yen alatan rega ilaing gede loba jelema ruksak ahlak, milampah salah, rucah, tega mateni dulur, mergasa papada manusa! Naha sabangsa rampog, garong, koruptor, muru bangsa uing? Lain! Nu duburu teh bangsa ilaing. Moal aya jelema ngarampog duit pangaji saratus perak! Cik ari duit nu dipalsukeun naha duit bangsa uing? Lain! Nu dipalsukeun teh duit gede regana nya ilaing kabeh. Nyaho teu akibatna mun duit geus rea nu malsukeun? Ti wingkid ayeuna pamarentah netepkeun yen aranjeun rek ditarik ti peredaran nu ngandung harti ilaing sakabeh teu meunang kumelip di alam duit!”
“Hah, rek ditarik?” tiluanana curinghak.
“Ari sugan geus nyaho. Kalah we ngaku gaul jeung artis, konglomerat, pajabat, ari nyawa rek dicabut teu engeuh!” cekeng teh satengah mupuas.
“Aduh, ieueung!” Si Saratusrebu ngudupung, “Atuh meureun uing moal digacel deui ramo-ramo lencop selebritis,” cenah, hing jebleh badis budak, laju nambru tayohna mah katarajang panyakit jajantung.
“Sejen ti dinya, najan leutik ge rega kami mah loba tinulunganana ka manusa, siga geus disebutkeun tadi sok mindeng dipake amal jariyah. Jalma jegud boga mobil mewah, bisa salamet tina gangguan preman di parapatan, dumeh mere duit saratus perak. Coba lamun euweuh kami, duit receh, meureun mobilna geus diruksak, digores ku paku. Pisakumahaeun teuing gede waragad ngomeanana, nandonkeun bangsa ilaing. Untung we barudak andar-andar di parapatan teh narima keneh bangsa uing da nu baroga mobil mewah teh moal ridoeun mere andar-andar puluhan rebu mah!”
Jempling. Kiwari, kuring tikunclung ka jero liang riul, ti-kerelep na cokolomberan nu nya bau nya kotor. Euweuh nu muru, komo aya nu daek pirajeunan ngabongkar tutup riul. Padahal kuring murag terus ngagorolong tikunclung ka jero riul teh katempoeun pisan ku nu bogana. Memang kuring ukur duit kencring pangaji saratus perak!